Rabu, 15 Februari 2017

Carpon "Nu dibubungah ku masalah"





Nu dibubungah ku masalah 
ku Ferdina Husdianto

            Nineung mangsa harita nalika kuring jeung manéhna tepang munggaran di panglawungan hiji gempungan. Saméméhna kuring apal ka manéhna ngaliwatan Facebook manjang nepi ka silih patukeur nomer Hp, inget pisan SMS mungaran ti manéhna “Wilujeng Enjing” kalimah munggaran nu pangéndahna anu dibarung ku Emoticon seuri. Harita asa bungah pisan meunang SMS ti manéhna téh, sabab manéhna anu ngahudangkeun haté kuring nalika kuring geus teu wasa ngalakonan kahirupan. Beuki lila manéhna beuki euyeub pisan neuleuman haté kuring.

            Lawas ti lawas. “Waya rasa di sarira” mun dina naskah Sanghyang Tatwa Ajnyana mah. Aya rasa nu teu biasa na jero dada. Asa haté téh beuki nyaah pisan ka manéhna. Unggal poé manéhna teu weléh marengan nyampak na hapé Nokia 2700 nu harita mah can aya Android. Imut seuri manéhna nalika paamprok di tepas fakultas, najan taya kecap nu kedal ti kuring jeung manéhna tapi haté téh asa bagja nénjo lampahna. Hayang sabenerna mah ngedalkeun rasa na jero dada tapi da teu wasa. Teu wasana mah da kuring saha ? bet wawanianan ngedalkeun rasa ka wanoja nu hadé rupana. Nepi ka ahirna mah kuring jeung manéhna ngan sakur jadi carita nu taya tapakna. Manéhna leungit indit na kahirupan kuring, indit lumampah nyieun carita jeung lalaki nu ceuk manéhna mah sampurna batan ieu raga. Asa runtag ieu dunya, awak lir dipupul bayu nalika manéhna indit ninggalkeun tapak na ieu kahirupan.

            Poé ka poé kuring jeung manéhna paamprok biasa di tepas fakultas najan sajurusan kuring jarang manggih imut manéhna da beda kelas téa, tapi aya nu béda ayeuna mah nalika kuring neuteup socana, manéhna ngabalieur jiga nu nyingkah embung neuteup ka soca kuring nu terus neuteup manéhna. Ijid meureun nyah ? kuring teu ngarumas diri. Malah tetep baé mikacinta manéhna nepi ka unggal datang mangsana peuting kalangkang manéhna patingkolébat dina lelenyepan kuring.
            “Ang, deudeuh teuing mikacinta anu teu bisa dipikacinta” sora wanoja nu dikacamata ngagubrakeun lamunan kuring. “Ah keun waé néng ieu mah carita cinta kuring” témbal kuring. “Geus lain jodona panginten Ang, tuh tingal nu geulis masih ngayah” pok téh manéhna ngupahan haté kuring. “Nu geulis mah ngayah ngan eweuh nu nyaah !” témbal kuring bari neteup soca wanoja nu dikacamata. “Ulah kitu atuh, sagala rupina ogé geus aya guratanana” pok deui manéhna ngubaran ieu lelembutan. Kuring ukur bisa cicing sanggeus wanoja nu dikacamata éta ngabubungah ieu manah. Nu ahirna mah kuring malah nyieun carita jeung éta wanoja nu dikacamata. Manéhna nyaah ka kuring, merhatikeun kuring ti poé ka poé nepi ahirna kuring jeung manéhna boga rasa nu sarua.
            Duh geuning wanoja nu dikacamata, nu ku kuring dipikacinta ayeuna mah. Dunya asa nu duaan harita mah, dunya téh asa nu kuring jeung wanoja nu dikacamata wungkul. Paduduaan di hareupeun Taman Isola asa ku bagja. Aya kana tujuh bulanna kuring boga carita jeung manéhna, najan ahirna mah wanoja nu dikacamata gé lunta ninggalkeun ieu raga. Manéhna dijodohkeun ku Bapana jeung tangtunna manéhna ogé daékeun waé da geus teu cinta ka kuring. Kumaha rék cinta deui ka kuring, da ari  kuring téh saha ?.
“Sarjana nu teu puguh masa depanna, teu puguh turunanana, teu hadé rupana, teu nyaho Agama ! Dasar teu boga kaéra. Manéh téh budak Bapa pangdipikanyaahna. Ulah ngagogoréng ngaran kulawarga. Bapa teu rido lamun manéh ka si éta !!” bet nineung deui kaimpleng anteng mayeng éta sora Bapana wanoja nu dikacamata nyarék wanoja nu dikacamata gara-gara kuring, basa kuring rék nyampeur ulin ka imahna. Kuring ukur ngeluk tungkul ngadéngéna, naha meni kudu kitu pisan nyarék budakna téh, nepi ngahina ka ieu raga. Kuring rumasa lain turunan ménak jiga manéhna, émang enya kuring teu puguh turunanana, hirup ditinggalkeun indung jeung bapa, digedékeun gé ku Uwa nu tukang nyiar dosa. Tapi da kuring téh jalma, boga rasa boga haté asa teu mantes Ulama kawéntar jiga kitu nyarék budakna nepi kadéngé ka tepas imahna. Isukna kuring meunang béja ti wanoja nu dikacamata yén kuring jeung manéhna teu bisa ngahiji maheutkeun jangji. Kuring narima kaputusan manéhna kalayan haté nu ihlas lilahita’ala. 
            Ti palebah dinya kuring sadar lain sasaha, kuring ngan jalma biasa jalma nu dipikahina ku balaréa sok sanajan sanggeus carita éta aya sababaraha wanoja anu datang jeung lunta na ieu manah. Jadi geus biasa kuring mah dinyenyeri ku wanoja nu lalunta dina ieu kahirupan. Asa teu wasa lamun kudu nyarita mah, kapeurih jeung kanyeri téh henteu bosen ditereuy buleud ku ieu raga. Kuring sarjana bahasa anu teu nyastra, anu luntang lantung hirupna. Ngan bisa hirup ngandelkeun puisi-puisi basa indonésia nu teu puguh rumpakana nu ngan di muat dina koran nu biasa anu honorna teu sabaraha. Asa di teungteuingan ku kahirupan nepi ka hiji wanci basa kuring balik ti kampus kuring meunang béja yén puisi kuring di muat dina salah sahiji koran nu ngan ukur jadi bungkus géhu jeung bala-bala.
“Aduh, ampun Gusti. Kedah kamana deui kuring ménta tulung ari lain ka Gusti. Geuningan raga téh keur dibubungah ku masalah deui, hirup teu neut paéh teu hos.”  kuring ngaruhah na jero dada nalika nénjo puisi kuring nu dimuat dina koran nu ngan jadi bungkus goréngan, ngan ukur jadi tilam nu ngemis di émpéran.
            Pipikiran kuring ret deui inget ka wanoja anu harita patepung munggaran di hiji gempungan. Dina ngaran salira téh. Wanoja anu ku kuring dipikaasih nepi ka ieu wanci. Na kamana anjeun téh ayeuna. Kuring tetep jadi sarjana bahasa anu teu puguh rupana, pagawéanna ngan ukur nulis nu teu kudu ditulis. Na ari anjeun geus jadi naon ayeuna ? geus maheutkeun jangji jeung manéhna ?. kuring kukulutus sorangan unggal mangsana beurang.
            Aya kana sababaraha taunna kuring luntang-lantung hirup di Bandung. Jiga lagu Momonon grup reagae Si Acéng da hirup kuring ayeuna mah.
Teu gawé teu kuliah kawas batur, wanci isuk masih di kasur,
wanci beurang teu puguh ngaluyur, peutingna beuki begadang beuki ogé nginum anggur.
            Hiji wanci janari kuring dihudangkeun ku babaturan kontrakan yén kudu sageuwatna kuring indit ti éta kontrakan. Teu puguh tayohna kuring kudu cengkat ti éta tempat, tempat nu salila ieu jadi panglumpatan nu jadi paniisan pikiran. Tapi da kudu kumaha deui geuningan kuring da enya geuningan harita nu boga kontrakan téh ngusir ieu diri lantaran kuring aya kana sababaraha bulanna can bayar kontrakan. Har asa dunya téh beuki harénghéng ku dédéngéan, dédéngéan nu ti sakabéh haté.
            Hésé da hirup di ieu nagri mah, taya nu pasti. Aya waé nu jadi hahalang pikeun nyorang kahirupan téh. Kuring sarjana nu can puguh kahirupanna. Beuki jangar nyanghareupan wanci jeung kaayaan.
            Kumalayang hirup kuring harita kokotéténgan néangan kahirupan ti mesjid ka mesjid, saré ti toko ka toko teu puguh nu di tuju tayohna dina hiji mangsa kuring ahirna manggih manéhna nu salila ieu di téangan nu salila ieu di pilari ku ati. Ngan hanjakal manéhna geus boga kakaitan jeung hiji jajaka anu katelahna pangawasa di pasisian kota. Nurub cupu pisan potrét duanana dina pamflet harita. Manahoréng manéhna duaan téh geus jadi inohong di ieu kota. Lalakina jadi pajabat atuh manéhna mah jadi salah sahiji pangarang anu geus kawéntar dimamana. Jeung deuih nu nyieun kuring asa kabéntar gelap mah nalika kuring maca salah sahiji karanganna yén dina karangan éta nyaritakeun kahirupan manéhna jeung kuring. Yakin pisan dina tulisanna mah lalaki anu dina karanganna éta téh kuring. Duh enya gening  manéhna gé nganti-nganti kuring tapi gurating takdir teu ngahijikeun kuring jeung manéhna harita.
            Brag gundukan buku ragrag ngoréjatkeun lamunan kuring harita nineung mangsa katukang. “Pa, Dede sono ka mamah” pok téh budak kuring sono ka nu jadi indung.
“Muhun de, Bapa gé sono ka mamah téh. Sabar nya geulis Mamah téh nuju imut seuri di sawarga ningal Dede sareng Bapa didieu” Kuring ngabubungah ka budak bungsu kuring, manéhna ngan ukur ngeluk tungkul bari reumbay cimata.
            “De, inget pan saur mamah harita. Dede nging sedih pami jauh ti mamah sabab Mamah bakal aya dina manah Dede salawasna. Pami Dede sono tingal ka langit pami wengi pilari béntang anu pangcaangna” ceuk kuring bari ngusap cimatana. “Muhun pa, tapi Dede téh hoyong di pangdongéngkeun ku Mamah” témbal budak kuring. Kuring ngabébénjokeun manéhna mawa manéhna ka kamerna tuluy dipépéndé nepi réhé.
            Cimata nu rék kaluar dina mata kuring ditahan-tahan sangkan teu ngeclak hareupeun budak. Asa enya pisan kuring téh dibubungah ku masalah. Kuring di panggihkeun jeung manéhna diparéngkeun jangji ngahiji sabada manéhna dipirak ku lalakina. Aya kana sataunna ti dinya kuring beuki deukeut jeung manéhna nepi ka kuring jadi jajaka sarjana bahasa anu geus puguh rupana puguh masa depanna digawé jadi éditor di salah sahiji media massa. Diparéngkeun hirup bagja jeung manéhna ngan saukur tujuh taun opat bulan, manéhna tilar dunya gara-gara panyakit nu dipiboga ku manéhna tileuleutik, ninggalkeun Citraresmi Purbasari budak geulis kuring jeung manéhna.
            Kieu geuning ayeuna hirup kuring téh, aya kana sababaraha taunna kuring nyorang kahirupan sorangan ngan dibarengan ku budak. Honor jadi éditor ngan ukur bisa dipaké keur ngagédékeun budak nu hiji-hijina. Lain teu hayang sabenerna mah hirup jiga kieu téh ukur bisa mépéndé haté ku kacapé. Ulah hirup lamun embung capé mah ! omongan Uwa nu masih nongtoréng na lelembutan kuring najan enya uwa téh teu hadé lakuna goréng lampahna gé tapi omonganna sok keuna kana jeroning manah. Kuring ngala nu benerna miceun nu salahna ti manéhna. Najan gawé ngan ngandelkeun ramo-ramo pikiran nu leuwih capé batan gawé ku ramo-ramo kahirupan teu wéléh kuring terus muji ka hyangwidi. Cekap sakieu gé Gusti kuring bagja najan kuring sababaraha kali kapapaitan ku telengesna guratan kahirupan. Bisa hirup jeung ngahirupan gé geus uyuhan ayeuna mah batan harita anu hirup nu ngan sakasampeurna.
            Da atuh kawilang beurat pagawéan kuring mah beurat tinimbanganna sagalana kudu dipikirkeun saujratna. Karasa nalika baheula kuring nulis téh dikirimkeun ka media ari singhoréng mah da enya beurat tanggung jawabna jadi nu narima hiji karangan téh. Hirup kawates ku nu tanwates. Pangabutuh beuki atra pangabisa beuki kacida, umur beuki nambahan. Masalah beuki ngayah. Ukur bisa sujud sumerah pasrah narima kabungah jeung masalah.
            “Pa..Pa..Pa..Basa wengi Mamah aya Pa..!”
            “Muhun bageur aya kan Mamah téh na impénan Dede”
            “Henteu Pa.. Basa Bapa atos mépéndé Dede téh teu bobo da sono ka Mamah tuluy     Mamah aya nganggo gaun bodas ngeukeupan Dede Pa!”
            Kuring teu wasa taya kecap nu bisa dikedalkeun na jero dada nalika nénjo budak kuring kacida bagjana nénjo indungna.
            “Tuh Pa! Mamah aya di pengkereun Bapa nuju ngarajut acuk Dede!”
            Anaking deudeuh teuing salira téh
. Kring..kring..kring sora telepon disada bareng jeung leungit jirim manéhna.          










Tidak ada komentar:

Posting Komentar