Rabu, 15 Februari 2017

Monolog "Duriat Aing"



DURIAT AING

Ku Ferdina

HIJI LALAKI KEUR NGEKEWEUK NGUSAP NGAGUPAY HIJI POTRET AWEWE NU DIPIKACINTANA BANGUN NU BINGUNG TULUY NGARENGHAP PANJANG
(Ngahuleng sakedapan tuluy ngusap potrét awéwé) Emh..Néng Yani, ieu Akang nu salila ieu mikatresna salira.. Hmm najan enya akang teu boga nanaon tapi sing yakin Néng ! Akang boga rasa nu teu biasa ka salira. Néng, ti poé ka poé beuki gedé kanyaah akang keur salira téh, enya najan akang hirup sakasampeurna, rumasa jalma teu hadé rupa moal bisa meunangkeun awéwé ciga salira. Ibaratna langit jeung bumi lalakon urang duaan téh, akang ukur bisa nyileungleuman kanyaah akang ka salira. (Ngagidig leumpang ka pipir bari nineung nyapertikeun kajadian manéhna jeung Néng Yani baheula) duh Néng asa inget harita basa salira datang ka tepas imah akang bangun nu ambek risi ka akang pedah akang taya kawani pikeun ngedalkeun rasa keur salira. “Ang ari nyaah mah kedalkeun ku diri nyalira, kedalkeun kecap cinta ka hareupeun abdi ari rumasa lalaki mah !.” ceuk Néng Yani bari kerung “Muhun Néng..eu..eu..Sabenerna..eu..eu..” témbal akang “Naha jiga nu panggih jeung jurig némbal téh Ang, pék gera balaka ayeuna kumaha sabenerna ulah ukur dina tulisan nu nyastra !” Neng Yani bangun nu keheul. “Sanés kitu Néng, saleresna hoyong sabalakana ngedalkeun rasa kanggo salira téh tapi...” akang némbal sabari menerkeun topi. “Tapi kumaha ? can boga kawani ? ulah loba ceta ari enya ayana rasa mah pék geura balaka” Néng Yani motong omongan sabab beuki risi ngabandungan akang. Néng Yani léos indit bakat ku risi ka akang da geuning teu maliré omonganna, teu maliré rasa paduli ka salira. Da ceuk béja mah Néng Yani mah jalmana neugtreug bisa leuleuy sotéh lamun haténa geus kaala. Teu salah sabenerna mah nalika aya awéwé nu kitu da geus sakuduna kitu, mun aya rasa mah lain sakur ku basa. Dikitukeun ku Néng Yani téh akang mah beuki katarik ati kepéntang asmara ka salira tapi kawani pikeun ngedalkeun mah teu puguh jirimna. (Leumpang ka tengah tuluy ngarérét deui potrét manéhna) Hmm deudeuh teuing ku deudeuh néng.. Kolébat angin ngahiliwirkeun rasa, daun-daun ngagupayan katresna, cihujan teu weléh ngaragragkeun kendatna rasa na jero dada. Béntar beuki atra di langit cedeum halengheum hieum lir hieumna hirup akang. Néng ayeuna geus aya nu bakal mileuleuheungkeun. Enya si Ujang, salira leuwih milih si Ujang. (Cicing tuluy bari mencrong ka hareup) Kami geus moal réa catur ka didinya. Intina jaga kanyaah kami kitu deui pangnalingakeun. Ulah ka tepi aya béja nu teu genah kana manah. Lamun enya aya béja nu teu genah kuring moal asa-asa ka salira sadérék Ujang. Hampura kuring moal aya deui dina kahirupan maranéh najan ké bakal paamprok dina saban panglawungan. Raga kuring aya tapi jiwa kuring lain didinya.
LALAKI TULUY NGALUARKEUN POTRET NENG YANI TULUY DI DIURUK KU MANEHNA
“Duh, Duriat Aing !”

 

Tidak ada komentar:

Posting Komentar