Duriat Aing
Ku Ferdina Husdianto
Saban
rénghap manéhna teu weléh ngusap potrét Néng Yani anu dipikaasih ku manéhna ti
saprak asup kuliah. Kabéngbat ku kageulisan Néng Yani nu jiga Dewi Sinta ceuk
Cép Hari mah. Saha atuh anu moal kabéngbat ku Mojang Cimindi anu panggeulisna di salah sahiji Paguron luhur di Bandung.
Beuki remen Cép Hari ngusap potrét Néng Yani nu dikekeweuk ku manéhna unggal
poé. Najan sajurusan ogé Cép Hari mah teu wani nanya ka manéhna, ukur bisa
nénjo kerung halisna ti kajauhan sabab Cép Hari mah teu gedé kawani pikeun
nanya ogé. Atuh tong boro nanya, paamprok gé ukur ngeluk tungkul semu nu éra.
Béda jeung Néng Yani anu soméah ka sasama. Keur mah geulis nya soméah deui
matak betah nempona ogé.
Ti poé ka poé beuki gedé kanyaah Néng
Yani téh, Cép Hari anu hirup salawasna jeung Vespa kolotna, rumasa jalma teu
hadé rupa moal bisa meunangkeun awéwé nu dipikacinta ku manéhna. Ibaratna
langit jeung bumi tuda Néng Yani mah putrina Kolonél ari Cép Hari ukur jalma
basajan hirup gé sakasampeurna. Tayohna mah Cép Hari ukur bisa nyileungleuman
kahéman jeung ngedalkeun kanyaah ka Néng Yani gé ukur ku sajak jeung carponna.
Pasosoré di tepas Fakultas bari
ngagidig mawa gamelan jeung wayang berés latihan pagelaran entragan. Cép Ana
bangun nu rada ngarahuh ka Cép Hari.
“Bikeun atuh ku sorangan sajak-sajak
manéh téh ri !” ceuk Cép Ana.
“Ih bikeun sakali deui ku manéh An,
da engké mah ku urang sorangan mikeunna” témbal Cép Hari.
“Iraha atuh ? manéh téh nitah waé ka
urang !” Cép Ana némbal deui.
“Kan manéh téh
sobat urang, sobatna Néng Yani ogé, ké lamun urang geus gédé kawani mah da ku
urang sorangan” Cép Hari ngupahan sabari mantuan mérésan gamelan.
“Ah ngadagoan kawani manéh mah sarua
jeung ngadagoan Ya’juj jeung Ma’juj di poé panungtungan eweuh nu apal iraha
ayana !” ceuk Cép Ana
“Isss..Ulah sagawayah ngomong téh
manéh mah !” ceuk Cép Hari.
“Bongan manéh mah cenah nyaah ka
Néng Yani téh. Tapi iraha aya kawani pikeun ngedalkeuna ?” ceuk Cép Ana bari
ngaléos mawa wayangna.
Cép Hari ukur bisa cicing. Pikir
manéhna cinta mah lain masalah kawani tapi masalah waktu, waktu nu tangtu
pikeun nepikeun katresna nu nyangkaruk dina ati. Najan enya can wani gé kanyaah
mah beuki gedé ka Néng Yani téh kuat ka mangratus sajak, mangrébu rumpaka
tembang, mangjuta carita di jieun ku manéhna pikeun Néng Yani. Nepi ka hiji poé
Néng Yani datang ka Cép Hari ngedalkeun rasa dina jero dadana.
“Ang ari nyaah mah kedalkeun ku diri
nyalira, kedalkeun kecap cinta ka hareupeun abdi ari rumasa lalaki mah !.” ceuk
Néng Yani bari kerung
“Muhun Néng..eu..eu..Sabenerna..eu..eu..”
témbal Cép Hari
“Naha jiga nu panggih jeung jurig
némbal téh Ang, pék gera balaka ayeuna kumaha sabenerna ulah ukur dina tulisan
nu nyastra !” Neng Yani bangun nu keheul.
“Sanés kitu Néng, saleresna hoyong
sabalakana ngedalkeun rasa kanggo salira téh tapi...” Cép Hari némbal sabari
menerkeun topina.
“Tapi kumaha ? can boga kawani ?
ulah loba ceta ari enya ayana rasa mah pék geura balaka” Néng Yani motong omonganna
sabab beuki risi ngabandunganna.
Néng Yani léos indit bakat ku risi
ka Cép Hari da geuning teu maliré omonganna, teu maliré rasa paduli ka manéhna.
Da ceuk béja mah Néng Yani mah jalmana neugtreug bisa leuleuy sotéh lamun
haténa geus kaala. Teu salah sabenerna mah nalika aya awéwé nu kitu da geus
sakuduna kitu, mun aya rasa mah lain sakur ku basa. Dikitukeun ku Néng Yani téh
Cép Hari ngan bisa seuri konéng ka Néng Yani anu nyampeurkeun manéhna saméméh
indit kuliah harita. Cép Hari beuki katarik ati kepéntang asmara ka manéhna
tapi kawani pikeun ngedalkeun mah teu puguh jirimna.
Saban poé saban wanci teu karasa geus mangtaun-taun
manéhna mendem rasa, mendem kanyaah keur awéwé nu dipikacinta ku manéhna. Geus
siligenti lalaki Néng Yani dinyenyeri. Cép Hari nganti-nganti wanci nu teu
pasti. Nungguan kawani nu mangtaun-taun can puguh jirimna nepi ka Néng Yani rék
diwisuda, Cép Hari mah masih ngaropéa
bab dua. Ceuk béja mah Néng Yani téh geus teu ka sasaha geus capé haté narima
lalaki nu jalir jangji.
Kolébat angin ngahiliwirkeun rasa,
daun-daun ngagupayan katresna, cihujan teu weléh ngaragragkeun kendatna rasa na
jero dada. Béntar beuki atra di langit cedeum Cicaheum. Cép Hari ngadodorong
véspana bakat ku hayang nempo nu dipikacintana. Teu walakaya asa awak lir
dipupul bayu sabab pupuja atina cilaka di Jalan Pramuka. Ceuk béja Néng Yani
katabrak ku sédan nu di supiran ku jalma édan. Édan kagégéloan ku Néng Yani
sabab aya nu rék ngawin tapi di tolak ku manéhna da teu ngukur ka kujur nimbang
ka awak. Bandot kolot nu rék ngawinna téh, nu geus loba incu dimamana. Teu
mikir atuh hayang ka mojang Cimindi nu geulisna kawanti-wanti. Bandot kolot éta
téh katelahna juragan Maman babaturan Kolonél Rohman bapana Néng Yani. Ari
disebut Bandot kolot téh da geus teu boga rasrasan hayang loba pamajikan. Ceuk
béja mah pangna Néng Yani ditabrak téh da kuciwa alatan cintana teu ditarima, abong
jalma nu boga kawasa Juragan Maman mah da geus nyilakakeun gé eweuh nu wani
ngalaporkeunna.
Hujan geus raat deui. Cép Hari geus
nepi di salah sahiji Rumah Sakit rék ngalongok Néng Yani.
“Mana Néng Yani ? dirawat di ruang
mana ?” tanya Cép Hari ka Cép Ana.
“Masih di UGD ri, kela tungguan ulah
gurungusuh !” Cép Ana nenangkeun sobatna.
“Teu !..Teu bisa aing teu tenang
aing hariwang. Saha nu wani nyilakakeun katresna ati aing ?” ceuk Cép Hari.
“Juragan Maman ri.. !”
“Ku aing di udag najan enya manéhna
boga kawasa gé !”
“Menggeus ri, teu kudu diladénan
jalma kitu mah, anggur mah dungakeun Yani !”
Cép Ana ukur tungkul nangkeup tuur
teu wasa nyarita. Ti saprak apal carita nu saenyana yén Néng Yani téh resep ka
Jang Hadi matak wani teu narima lalaki deui téh. Tapi Cép Hari geus apal Jang
Hadi babaturan nulisna di hiji panglawungan mahasiswa. Da kumaha teu rék apal
tuda Jang Hadi bangun nu agul nyarita nu sabenerna, yén manéhna nu dipikaasih
ku Néng Yani téh, tapi Cép Hari teu némbongkeun kakeheulna ka Jang Hadi sabab
ngahargaan Néng Yani téa. Pikir Cép Hari da hak manusa nyaah ka sasaha mah geus
guratna manusa kapéntang asmara mah.
Peuting beuki jempling Cép Ana ngan bisa
nenangkeun Cép Hari nu beuki hariwang, Aya kana sababaraha jamna Néng Yani teu
usik nu ahirna mah sadar tuluy pindah ka Ruang Rawat Inap teu lila ti dinya,
tangtuna waé Cép Hari jeung Cép Ana gura-giru nyampeurkeun sabari ngabebenah
rohangan nu teu merenah nu rék di tempatan ku Néng Yani. Tuluy Cép Hari nyekel
lengeunna.
“Néng, punten saacanna kana lampah
kuring nu teu merenah harita, mereun ayeuna kuring rék ngabangbrangkeun naon nu
kurin rasakeun. Kadeudeuh, kanyaah, kasono keur salira geus teu mangrupa. Embung
ingkah najan kuring boga niatan rék ingkah sabab geus lain wayah kuring nyaah
ka salira. Salah kuring sorangan geus boga rasa ka salira kuring teu ngukur ka
kujur. Ayeuna kuring hariwang ka salira, ka raga didinya. Néng, lamun bébéja ti
sasarina aya nu rék nyilakakeun mah kuring bisa ngajaga salira, tapi da bakat
ijidna salira ka kuring. Kuring teu bisa kukumaha” ceuk Cép Hari
“Hmm..hmm...” Néng Yani bangun nu
lulungu can bisa ngedalkeun kecap
“Atos Néng, teu kedah ngedalkeun
nanaon. Kuring geus apal, geus meunang béja yén salira teu bisa narima kana
kanyaah kuring keur salira. Anjeun geus moal nampi deui lalaki salain ti lalaki
nu ngirut ati salira. Kuring apal sagalana Néng, najan enya moal narima kanyaah
kuring ayeuna, nya susuganan engké jaga mah bisa” bangun nu dareuda Cép Hari
cumarita
“Nuhun...ang....lainna nampik kana
kanyaah salira tapi haté mah teu bisa dipaksa, apal nyalira pan kumaha rasana.
Ulah matak gering pikir nya ri. Urang moal bisa ngahiji boh ayeuna boh jaga.
Tarimakeun kana kapapasténan nu kawasa ri. Kuring gé nyaah ka salira ulah ngudag
nu teu sakuduna diudag nya. loba nu leuwih batan abdi ri. Buka soca haté
salira, lain abdi ri lain ! abdi geus rék maheutkeun jangji saati jeung
pisalakieun abdi” Néng Yani némbal bari cireumbay.
“Cekap Néng.
Katampi kana maksad salira” Ceuk Cép Hari
Simpé kaayaan harita di Rumah Sakit
pasisian kota, taya sora deui salain ti sora dua jalma nu keur ngedalkeun
katugenah rasa.
Saprak ti dinya aya kana sababaraha
mingguna Néng Yani geus jagjag sabihari-biharina, rék diwisuda dipapag ku
katresna manéhna Jang Hadi sobatna Cép Ana, batur nulisna Cép Hari. Bangun nu
bagja duanana gumbira mopohokeun jalma nu nyeri ningal manéhna paduduaan. Kitu
deui Cép Ana ngarasakeun kumaha nyerina nu jadi sobat dalitna nalika nénjo dua
incu Adam jeung Hawa bangun ku bagja ceuk maranéhanna mah.
Taya béjana saprak nyangking gelar
sarjana Cép Hari leungit tina kahirupan maranéhanana, Cép Ana mah geus bingung
kudu kumaha nyanghareupanana kudu néang kamana juntrungna éta sobat dalitna.
Dijugjug ka lembur di téang ka saban kota taya jirimna.
Nepi ahirna Cép Ana meunang surat nu
eusina Cép Hari hayang ngariung jeung manéhna jeung Jang hadi sarta Néng Yani
di hiji tempat biasa maranéhna babarengan.
Wanci nu di anti ku Cép Hari ahirna
amprok ogé jeung maranéhanna. Awakna beuki teu kaurus sorana beuki peura rék
cumarita katugenah haténa.
“Kuring geus moal réa catur ka
didinya. Intina jaga kanyaah kuring nya di kitu deui pang nalingakeun nya na
ieu dua jalma nu bagja. Ulah ka tepi aya béja nu teu genah kana manah. Lamun
enya aya béja nu teu genah kuring moal asa-asa ka salira sadérék Hadi. Hampura
kuring moal aya deui dina kahirupan maranéh najan ké bakal paamprok dina saban
panglawungan. Raga kuring aya tapi jiwa kuring lain didinya” ceuk Cép Hari
Tiluanana tingjarempling taya bisa
nu dikedalkeun na manah séwang-séwangan. Sanggeus Cép Hari carita kitu mah,
sabenerna geus bérés masalah maranéhanna ngan wayahna kudu tumarima kana
kaayaan kahareupna Cép Ana moal bisa pagilinggisik deui jeung Cép Hari jiga
baheula da ayeuna geus boga lalakon carita maranéhanna séwang-séwangan.
Dasar lalakon manusa moal aya nu bisa
nebak bakal kumaha gurat hirup nu saenyana. Cép Ana ayeuna geus jadi Dalang nu
kakoncara dimamana. Jang Hadi nu jadi Dosén jeung tangtuna Néng Yani nu bakal
jadi istrina Jang Hadi ayeuna téh rék hajat. Hajat kawinan nu kacida agréngna
di pasisian kota. Harita bangun nu bagja duanana maheutkeun jangji saati.
Katénjo Cép Hari ngagidig datang ka
Hajat maranéhna bangun nu bagja sabab manéhna ayeuna geus bisa tumarima kana
kaayaan. Pikir Cép Hari ari nu ngaranna katresna mah takdir ngaranna. Ari nu
ngaranna ngahijikeun dua ati mah nasib ngaranna. “Da cinta mah teu bisa
dipaksa” masih nongtoréng dina dédéngéan Cép Hari kalimah nu dikedalkeun ku
Néng Yani téh.
Nepi ka ayeuna manéhna can manggih nu
bisa ngagantikeun Néng Yani dina jeroning atina.
“Duh, Duriat Aing !” gerentes Cép Hari bari leumpang ngagidig datang ka Hajat kawinanna Néng Yani jeung Jang Hadi poé harita.
“Duh, Duriat Aing !” gerentes Cép Hari bari leumpang ngagidig datang ka Hajat kawinanna Néng Yani jeung Jang Hadi poé harita.
TAMAT
Tidak ada komentar:
Posting Komentar