Rabu, 15 Februari 2017

Naskah Drama "Runtah-Runtah"





Runtah-runtah

Ku ferdina husdianto

Di Tepas imah kuwu kadatangan pajabat pamaréntah rék nyetorkeun duit subsidi keur pembangunan jeung kamaslahatan masarakat. Tapi di tepas imah pa kuwu ogé aya Dewi awéwé gelo ditinggalkeun ku salakina, Dewi keur cicing mulungan runtah.
Pajabat     : Assalamualaikum
Pa Kuwu      : Waalaikumsalam. Nyi manga linggih
Pajabat     : Aduh awis tepang gening kang
Pa Kuwu      : Enya Nyi. Beuki geulis campernik waé ah
Pajabat     : Isin ah ku ibu kuwu ulah kitu kang
Pa Kuwu     : Ih teu kedah isin-isin da Nyai mah geulis ayana matak    pikaresepeun
Pajabat     : Tos ah ulah ngalér ngidul akang téh
Pa Kuwu      : Enya atuh. Jadi kumaha nyi subsidi téa téh ?
Pajabat       : Enya ieuh subsidi téh aya kanggo désa téh 1 M. Mangga nyangggakeun kang
Pa Kuwu        : Alhamdulilah. Cair ogé nya keur kamaslahatan umat téh nya
Pajabat       : Muhun kang. Geura paké keur ngabeneran jalan meni geus goréng kitu jalan téh kang
Pa Kuwu        : Ishh gampang atuh éta mah. Nyai hoyong persénan alim ti akang ?
Pajabat       : Ah teu wantun abdi mah kang bisi kaciduk ku pulisi
Pa Kuwu        : Gampang éta mah, Pulisi ayeuna mah bisa di wewelan duit
Dewi tikajauhan bari mulungan runtah ngadéngékeun gunem maranéhna.
Pajabat       : Ih akang, piraku teuing dipaké teu bener duit umat téh
Pa Kuwu        : Keun waé da pajabat nu diluhur ogé kitu ayeuna mah nyi, akang gé kudu ngiluan kitu mun teu kitu mah akang gé moal bisa hirup sedengkeun harga-harga tingtérékél naraék
Pajabat       : Enya ogé nya kang
Pa Kuwu        : Sumuhun Nyi. Matakan ku akang ieu mending di paké keur kaperluan akang wéh, sareng nyai ogé pasti di béré asal nyai jempé jeung daék kawin jeung akang nya héhé”
Pajabat       : Mangga waé, tapi jadi nu kadua mah embung téh teuing kang
Pa Kuwu        : Naha alim ka akang nu sampurna kieu Nyi ? keun da pamajikan akang mah nyi geus téréh bau taneuh bisa di racun ku akang
Pajabat       : Ih ari akang sok kamana waé nyarios téh. Alim ah abdi mah. Mun artosna mah hoyong da kanggo mesér wedak
Pa Kuwu        : Yeuh atuh kanggo nyai. Ngan kudu jempénya. Ulah bébéja kasasaha
Dewi ngadekeutan sabari mulungan runtah tur dulak délék ka kuwu jeung pajabat
Pa Kuwu        : Nyingkir kaditu satéh dewi. Bau runtah téh, mun salaki manéh lain dulur uing mah moal dikukut satéh
Dewi indit rada ngajauhan tuluy mersihan runtah
Pajabat       : Saha éta téh kang ?
Pa Kuwu        : Ah jalma burung éta mah Nyi. Salakina kapiadi akang
Pajabat       : Naha bisa aya didieu ? kamana salakina kang ?
Pa Kuwu        : Keur kaluar kota geus sababaraha taun.ngan manéhna ku akang di siksa nepi ka manéhna poho salakina dimana
Pajabat       : Salakina gawé naon kang ?
Pa Kuwu        : Intél nyi
Pajabat       : Eleuh siah. Kadé apaleun atuh kang
Pa Kuwu        : Moal atuh, mun apaleun gé mana daékkeun nyiduk akang
Pajabat       : Aman atuh nya. Sampurna pisan ih. Hirup Akang téh, mun masih ngora mah daék da jadi pamajikan akang. Tapi ayeuna mah tos kolot ah taya alaeunna
Pa Kuwu        : Is kieu-kieu gé masih kuat akang mah nyi. Badé nyobian ?
Pajabat       : Sok kamana waé ah akang mah tos ah abdi permios heula nya
Pa Kuwu        : Mangga. Kadé dijalanna nya geulis
Pajabat       : Muhun kang. Assalamualaikum.
Pajabat indit naék mobilna. Dewi nu geus indit tatadi  ti tepas imah kuwu tuluy leumpang ka sisi jalan manggih Bu Kuwu keur nagihan arisan jeung nagih setoran tas jeung baju kabaya ibu-ibu nu nganjuk ka manéhna.
Bu Kuwu          : Bu Elis. Kumaha tos aya artos téh ? ku abdi tos dipesenkeun da pesenanna. Oh enya teu acan mayar artos arisan nya ?
Bu Elis          : Eh enya Bu Kuwu. Pan kamari tos bayar sanés ?
Bu Kuwu          : Ih iraha nya ? Badé nipu nya ka abdi ?
Bu Elis          : Astagfirullah. Naha jol nipu ?
Bu Kuwu          : Hih pan teu aya tuh di catetanna téh
Bu Elis          : Eh pan ibu teu nyandak catetan harita téh, ibu mah hayang ngabatikeun nya ?
Bu Kuwu          : Ih suudzhon gera puguh enya abdi mah kamari ka pasar ngan asa teu nagih da sanés jadwalna nagih kamari mah, ayeuna jadwalna gé”
Bu Elis          : Ya rabb. Teu, kami mah teu daék bayarna gé”
Bu Kuwu          : Ih ulah kitu. Awon éta téh. Pencemaran nama baik namina téh, bisa-bisa dilaporkeun ka pulisi da ku abi mah
Bu Elis          : Pék Laporkeun da teu salah kami mah
Bu Kuwu          : Masing teu salah gé ayeuna mah nu boga kawasa na gé bisa diwewelan duit jadi bakal répéh tuluy ibu-ibu dipenjara hayoh
Bu Elis          : Moal mungkin
Bu Kuwu          : Mungkin baé. Tingali berita di tipi atuh, aya nu nini nu maling samangka gé dipenjara padahal teu salah nanaon nini-nini téh da samangkana nu manéhna sorangan
Bu Elis          : Bener ogé nya. Geus teu baleg nagara téh
Bu Kuwu          : Jadi rék bayar moal ? mun moal di penjara keun siah ?
Bu Elis          : Tapi ulah dipenjara nya bu. Ieu abdi bayar da
Dewi tuluy ngadekeutan sabari asruk-asrukan nataan runtah nu aya didinya.
Bu Kuwu          : (Bari ngitung duit) Nuhun nya ibu sosialita. Eh dewi kaditu bau. nyingkir manéh téh.
Dewi tuluy lalaunan nyingkir ngajauhan deui.
Bu Kuwu          : Permisi heula nya bu badé nagihan deui.
Bu Elis          : Muhun mangga
Dewi mah ukur dangkleung lempang teuing kamana mulungan sampah keur di urupkeun ka tukang runtah sangkan meunang duit keur dahar manéhna.
BABAK II
Di sisi jalan gigireun tempat pamiceunan runtah Dewi keur ngagerenyem ngomong sorangan mikamelang kahirupanna. Awéwé stres nu ditinggakeun salakina nu taya béja kamana inditna..  
Dewi : (Ngagerendeng ngomong jeung runtah) Haruhhhh. Mun lain piduiteun mah runtah jiga manéh téh geus di duruk da ku aing téh, abong aing lain jalma aya rék dahar gé kudu asruk-asrukan ka Tempat sampah kieu.. rék dahar gé hésé aing mah kéhéd. Rék ngajual diri gé hésé awak geus bobrok kieu mah moal payu kasasaha.
Jerembul Ma inung jeung Ceu Aan ngagémbol balanjaan balik ti pasar bangun nu mikangéwa Dewi nu sok jadi pucuk riributan jeung carogéna.
Ma inung : (Ngadelék geleuh)An.. tingal tuh si Dewi ciga nu  stres
Ceu Aan                : Na kumaha kitu Ma ?
Ma inung    : Tempo tuh kalakuanna beuki dieu mah beuki gélo
Ceu Aan  : Lain gélo deui Ma, gening enya runtah gé diajak ngawangkong
Ma inung   : Heeh da runtah jeung runtah mah anteng ngarobrol da manéhna gé   geus jiga runtah tingal wé rupa na ogé geus jiga runtah kitu
Ceu Aan    : Aya ku anéh nya jalma téh, euh edan salaki kuring kagoda ku awéwé nu rupana kitu
Ma inung     : Enya komo deui salaki kuring gé an
Ceu Aan    : Lain salaki arurang mungkul nu kitu téh Ma, kabéh lalaki di ieu lembur mah kabongroy ku si Dewi mah
Dewi               : (Ngagidig) Naon ngobrolkeun kami ? Teu genah ka kami ?
Ma Inung        : Enya kunaon kitu nyi ?
Dewi               : (Ngagakgak seseurian) Ari Ema jeung Aceuk téh damang ? Ngobrolkeun hirup kami ? Taya deui pagawéan ngurusan hirup batur ?
Ceu Aan          : Yeuh. Dewi geura indit ti lembur ieu, manéh mah nyieun rumah tangga batur teu bener. Dasar runtah manéh mah awéwé stres satéh !
Dewi               : (Seseurian) Saha nu strés téh Ceu ? kami atau didinya nu nguruskeun hirup batur ? Mikir atuh ah ceu
Ma Inung        :Yeuh nyi Dewi lainna rék nguruskeun hirup didinya. Ngan kuring jeung ceu aan téh geus risih ningal salaki sorangan kabongroy ku didinya. Ari manéh téh ngahaja nyieun lalaki salembur kabongroy ka manéh ?
Dewi               : Hih keteuing atuh lain urusan kami éta mah. Da kami mah tara boga niat kitu. Panan kadeleu lin kami mah sakieu geleuhna katempo ku batur téh ? Strés weh kabéh lalaki di lembur ieu kabongroy ku kami mah haha
Ceu Aan          : Manéh nu strés mah Dewi !
Ma Inung        : Heup an. Taya hujungna ngomong jeung si Dewi mah, mending indit wé bisi kabawa strés
Dewi               : Ke heula.. barina gé cicing didieu ema jeung aceu téh
Ceu Aan          : Naha bet kudu cicing didieu ? ieu mah imah manéh lain ?
Dewi               : Baruk ieu imah kami ?
Ceu Aan          : Enya imah manéh ! Pan runtah manéh téh
Dewi               : Aaah..Manéh runtah mah kuya !
Ceu Aan          : Ngajak ngésang satéh ?
Dewi               : Saha barinagé ngajak nu ngajak ngésang téh ?
Ma inung        : Geus an, yeuh wi naon maksud manéh nitah ema jeung aceu cicing didieu ?
Dewi               : Ma, tingal tuh runtah téh beuki réa. Tempat runtahna ogé geus teu cukup nampungna gé......
Ceu Aan          : (Motong) Terus manéh nitah uing cicing didieu kajang meresihan runtah ?
Dewi               : Is dasar goréng haté aceuk mah
Ma inung        : Kalem an, ulah gampang émosi jeung jalma strés mah
Ceu Aan          : pikaemosieun atuh Ma
Dewi               : Dasar awéwé goréng haté. Yeuh kami mah pangna nitah cicing didieu gé tempo tuh kaayaan lembur ieu pinuh ku sampah tempat runtah gé kuat ka pinuh ngaburial. Bau, mun hujan pan nyaho sorangan lin sok banjir
Ceu Aan          : Terus naon urusanna jeung uing ?
Dewi               :Tah kerésék nu di bawa téh ngké mah jadi runtah lin ?
Ceu Aan          :Terus ?
Dewi               :Heeh éta téh runtah aceuk
Ceu Aan          :Apal uing gé. Anak uing gé apal nyi ieu téh runtah mun geus teu kapaké mah
Dewi               :Heuh. Sukur ari apal mah
Ma Inung        :Jadi manéh rék nitah Ema jeung aceuk didieu téh kudu kumaha nyi ? manéh rék méré béja yén ieu kérésék téh runtah ?
Dewi               :Enya Ma, rék ngabéjaan wéh éta kérésék téh bakal jadi runtah tuluy pangjagaankeun nya tempat runtah bisi aya batur deui nu mulungan hehe
Ceu Aan          : Hanas.. di bandungan nya ceuk uing gé gélo manéh mah !
Dewi               :Enya nu gélo mah manéh bet daék ngabandungan kami ngomong haha
Ma Inung        :Nyi. Ulah ngabaribinan batur jiga kieu. Da Ema jeung aceuk téh rék masak keur salaki jeung barudak. Naha kudu ngawangkong jeung manéh teu puguh ciga kieu. Geura indit kaituh nu gélo, dasar runtah !
 Dewi              :(seuri tuluy ceurik) Enya runtah. kami mah runtah geus teu kapaké ku salaki téh tuluy dipiceun di ieu lembur. Kami mah hina ceu. Kami  mah awéwé strés ceu.. Tulungan kami ceu..kami kudu kumaha taya pamuntangan kieu
Ma Inung        :Tuh pan bener gélo
Ceu Aan          :Ngaran wéh Dewi Asri ari kalakuan teu asri-asri acan
Dewi               :Naon manéh nyebut ngaran kami ? kami mah keur pura-pura gélo hahaha (seuri sabari ceurik) keur akting kami mah
Ma Inung        :Yeuh dewi naon maksud manéh tatadi ngawangkong nitah kami cicing didieu téh ?
Dewi               :Béjakeun ka kuwu maranéh. Duit subsidi pamaréntah keur désa téh montong dipaké korupsi. Tingal tempat runtah waé gé leutik ciga kieu. Jalan garintul jiga kitu geus sabaraha taun can diaspal deui. Tingal lembur batur lembur gigireun mah kacida rapihna kitu ogé jalmana moal aya nu jiga kami moal aya nu jiga didinya rapih baresih matak gararenah
Ceu Aan          :Apal ti mana manéh hah ? Dukun manéh téh ?
Dewi               :Apal kami mah sok ngadéngé berita di tipi. Jeung deuih basa harita kami mulung sampah kami nempo kuwu maranéh keur ngawangkong subsidi keur désa tapi ku manéhna di paké makaya diri sorangan. Tempo anakna, tempo hirupna beuki beunghar wé pan ? teu jiga kami, kami mah kudu meurih hirup téh
Ma Inung        :Nya ari kitu nyatana mah. Ké ku ema di béjakeun ka kuwu. Tapi mun manéh salah manéh bisa di penjara nyi. Geus nuduh kuwu nu teu puguh.
Dewi               :Sing daék ka béntar gelap kami mah Ma !
Ceu Aan          :Ulah kitu satéh mun salah téh géhéng satéh
Dewi               :Kajeun Géhéng kami mah daripada mamala datang keur saréréa gara-gara kuwu bejad jiga kitu mah
Ma inung        :Geus Ema jeung Aceu rék indit nya
Dewi               :Ulah keun kami nu rék indit mah haha
Ceu Aan          :Dasar gélo
Akang kamana akang téh akaaaang Dewi indi bari gogorowokan ngageroan salakina nu taya béjana kamana jeung dimana.
Ma Inung        : Tapi aya bener ogé omongan si Dewi téh nya An
Ceu Aan          : Bener ogé sih Ma, soalna kuwu téh beuki beunghar sedengkeun lembur beuki teu kaciri pembangunanna téh. Mun hujan sok caah, tempat runtah pimatakeunana téh nya, jalan ogé geus rusak pisan nya ?
Ma inung        : Bener baé jigana korupsi kuwu téh,
Ceu Aan          : Mending dijugjug ka imah kuwu Ma, urang tanyakeun mun perlu mah demo sakalian
Ma inung        : Tapi urang teu gélo pan ngadéngé omongan si Dewi ?
Ceu Aan          : Hanteu atuh Ma. Warugana nu gélo mah mereun Ma, haté jeung pikiranna mah henteu
Ma inung        : yap atuh indit ka si Kuwu tolohéor
Di Tepas imah Bu ustad, Bu Ustad keur sasapu tur beberesih naker sabari humariring solawatan. Tuluy Bu Elis keur Emosi naker hayang nyamperkeun Bu Kuwu..
Bu Ustad    : Sholatullah salamulloh ala toha rosulillah......
Bu Elis      : (Ngagidig leumpang) Dasar kuwu orowodol
Bu Ustad    : Astagfirulloh aya naon ieu téh ?
Bu Elis      : Kami di tipu ku Bu Kuwu
Bu Ustad    : Kela-kela kumaha perkarana ieu téh
Jerembul Ma Inung jeung Ceu Aan
Ceu Aan      : Kuwu ontohod
Ma Inung    : Kuwu latén korupsi
Bu Ustad    : Heh istigfar aya naon deui ieu téh
Ma Inung    : Si Kuwu korupsi Bu
Bu Ustad   :Pék nyarita heula ulah goréng sangka kitu ka Pa Kuwu téh
Ceu Aan      : Ih Bu Ustad gé anték-anték Pa Kuwu nya ?
Bu Ustad   : Ya Allah.. henteu ieu aya naon sabenerna pék balaka heula ulah  ngagugu nafsu teuing
Bu Elis     : Kieu Bu Ustad, kami téh geus mayar arisan jeung cicilan tapi ceuk Bu Kuwu téh acan, manéhna malah nitah kudu mayar deui padahal kami geus mayar kamarina mun teu mayar kami rék dipenjarakeun
Bu Ustad        : Aya buktina teu mun geus mayar ?
Bu Elis          : Aya ieu aya catetanna nu abdi bu
Bu Ustad        : Bener éta téh ?
Bu Elis          : Bener Bu Ustad abdi mah teu singna badé ngabohong
Bu Ustad        : Terus ceu aan jeung ma inung kunaon hayang demo ka Kuwu ?
Ceu Aan          : Yeuh Bu ustad, katempo pan mun hujan sok banjir ? katempo pan jalan geus goréng ? katempo pan tempat runtah gé geus sagédé gunung ?
Bu Ustad        : Enya terus kunaon atuh ceu ?
Ma inung        : Bu Ustad, Ieu lembur téh kuduna mah rapi gararenah tapi buktina malah kieu kaayaanna, geus harénghéng kuduna mah kuwu téh menerkeun sagala rupina di ieu lembur
Bu Ustad        : Pan mereunan can aya dana na.
Ceu Aaan        : Aya dana subsidina Bu Ustad. Tuh pan Pa kuwu jeung Bu kuwu malah beuki beunghar
Bu Ustad        : Ulah sirikan ka jalma téh nyai, pan Pa Kuwu téh boga usaha sorangan matak beunghar téh. Saur saha tos aya dana téh ?
Ma Inung        : Usaha korupsi Bu Ustad. Ceuk si Dewi manéhna ningalikeun Pa kuwu nyelip duit subsidi keur desa
Bu Ustad        : Astagfirullah. Pan si Dewi téh jalma teu waras naha bet didéngékeun
Ceu Aan          : Enya da jalma burung ngan pasti bener Bu Ustad si Dewi saksina
Bu Ustad        : Tos ayeuna mah tenang heula mun tos kuat buktina mah urang hayu ka imahna Pa Kuwu urang tanyakeun kumaha perkara nu saenyana nya
Ma Inung, Ceu Aan, Bu Elis, di pingpin ku Bu Ustad leumpang ngagidig nyamperkeun ka imah Pa Kuwu. Di jalan panggih jeung si Dewi nu keur anteng mayeng ngobrol jeung runtah.
Dewi               : Runtah...Runtaah...Runtaaah...Ngomong atuhhh... Runtah hahahaha jalma jalma sampurna jeung runtah-runtah...
Bu Ustad        : Dewi...Kadieu heula bageur
Dewi               : Embung
Bu Ustad        : Dewi kunaon ?
Dewi               : Henteu
Bu Ustad        : Ngiring yuk ka bumina Pa Kuwu
Dewi               : Embuuuung
Bu Ustad        : Hayu bageur.. Dewi apal pan perkara Pa Kuwu sareng Bu Kuwu ?
Dewi               : Apal... haha... si jalma sampurna hahaha
Bu Ustad        : Yuk ngiring kaditu yap
Dewi               : Embung... kami keur ngadagoan salaki kami nu indit ka....
Ceu Aan          : Ka mana satéh hah salaki manéh mah paéh
Dewi               : Hah ? Paéh
Ceu Aan          : Heeuh
Dewi               : (Ceurik) salaki kami paéh...? teu mungkin
Bu Ustad        : Aan keun ulah kitu
Dewi               : Mantog kaditu ! salaki kami mah aya kénéh !
Tuluy Ma Inung, Ceu Aan, Bu Edoh, Bu Elis, jeung Bu Ustad indit teu nolih ka si Dewi da bisi ngamuk kumaha onam
Babak III
Di tempat runtah, Dewi tetep anteng mayeng ceurik ngaberik nyengceurikan salakina nu can jol kénéh waé. Teu pati lila datang salakina nu geus ti luar kota.
Dewi           :(Ceurik)Akaaang..runtaah..akaaang..runtaaaah
Maman         : Nyai..
Dewi           : Saha manéh ?
Maman         : Ieu kuring salaki Nyai
Dewi           : Bohong
Maman         : Teu bohong, ieu akang nyi
Dewi           : Gélo manéh hah ? salaki kami mah geus paéh
Maman         : Ceuk saha akang tos maot nyi ?
Dewi           : Ceuk runtah..runtahh..
Maman         : Nyai.. deudeuh teuing salira kalah jadi kieu ditinggalkeun téh
Dewi           : Salaki kami mah jangji moal ninggalkeun ! manéh lain salaki kami !
Maman         : Akang pan nitipkeun nyai ka Pa Kuwu nu jadi lanceuk akang nyi
Dewi           : runtahh..jalma sampurna...runtaahhh..
Maman         : Saha jalma sampurna téh nyi ?
Dewi           : Kuwu hahah
Maman             : Enya nyi akang balik téh da badé nyiduk kuwu da aya nu ngalaporkeun manéhna korupsi
Dewi               : Enyaaa...hahaha...
Maman             : Ieu akang nyi. Salaki nyai.. nyai inget teu foto ieu..
Dewi               : “éta foto kami jeung kang Maman, naha aya di manéh ?
Maman             : Ieu kang Maman nyi. Ieu kami salaki salira nyi.
Dewi tuluy inget sababaraha taun katukang manéhna dititipkeun ka Pa Kuwu ku Salakina da Salakina rék indit tugas heula jadi intel di luar kota.
Dewi                     : Kakaaaang
Maman                   : Nyai
Dewi                 : Kakang sakitu lawasna urang paanggang
Maman               : Nyai. Sakitu lawasna urang papisah
Dewi                 : Kami capé kang, ulah ninggalkeun deui, kami capé jadi nu gélo ngagéloan salira, ngagéloan kahirupan
Maman               : Enya nyi. Hampura akang geus ninggalkeun salira. Da ieu gé keur salira nyi.
Dewi                 : Tapi kumaha nasibna si Kuwu ayeuna kakang ?
Maman               : Ayeuna ku akang baris di penjarakeun
Teu lila duanana nyamperkeun ka imah Kuwu nu didinya ogé kaparengkeun keur rarécok ibu-ibu nungtut kuwu indit jeung turun jabatan.
Ceu Aan               : Geura mantog kuwu !
Bu Elis               : Gura lungsur jabatan kuwu !
Bu Ustad             : lailahailallah.. ulah kitu sing sabar
Ceu Aan               : Geus lain sabar deui ayeuna mah bu ustad !
Pa Kuwu jeung Bu Kuwu kaluar imahna nyamperkeun nu rarécok.
Pa Kuwu               : Aya naon ieu téh ?
Bu Ustad             : Aya béja cenah dana subsidi kanggo desa téh tos aya nya pa Kuwu ?
Pa Kuwu               : Ih nyanyahoanan. Teu acan Bu ustad
Ceu Aan               : Wadul satéh
Pa Kuwu               : Serius Bu da teu acan
Jerembul pajabat nu méré duit subsidi
Pajabat              : Bohong. Ku abdi tos di pasihkeun sababaraha poé katukang
Pa Kuwu               : Gandéng nyai pan geus dibéré persenan
Pajabat              : Teu kudu. Tah lebok duit persenan
Pajabat kaluar ti imah pa kuwu.
Bu Ustad             : Tah gening kanyahoan Pa Kuwu !
Pa Kuwu               : Tos mending damai waé ayeuna mah !
Ma Inung             : Teu..eweuh kata damai keur kamaslahatan jalma loba mah !
Bu Elis               : Tah Bu kuwu catetan bayaran kami. Hayoh siah moal bisa nampik
Bu Kuwu cicing baé nyumput tukengeun Pa Kuwu bangun nu sieuneun.
Bu Ustad             : Pa kuwu sareng Bu kuwu nu ku simkuring dipihormat, gening tos teu amanah mingpin ieu lembur téh
Bu Elis               : Bener satéh. Éra ku kopéah satéh.
Ceu Aan               : Hayang diduruk ku kami imah manéh hah ?
Ma Inung             : Pa Kuwu geura indit ku kami rék di pidanakeun ka pulisi
Geus beuki panas di tepas imah Pa Kuwu, jerembul datang Maman jeung Dewi.
Maman                  : Heh ki lanceuk ! Kuwu Bejad !
Pa Kuwu               : Alhamdulialha aya ki adi tulungan mamang atuh Man
Maman                  : Rék ménta tulung satéh ? salila kuring indit manéh geus nyiksa pamajikan kuring ! geus teu balég kalah jadi latén korupsi Kuring mah teu nyangka lanceuk sorangan bet kieu kaayaanna!
Pa Kuwu               : Lain kahoyong Mamang da yi, hampura Mamang yi !
Maman                  : Geus ulah loba ceta kalayan aya surat penangkapan Mamang ku kuring di téwak. Ke jelaskeunna di pengadilan. Maman jeung pamajikan Mamang beunang pasal berlapis
Pa Kuwu               : Ampun man..hampuraa man..
Maman                  : Najan enya duduluran urang duaan. Ari masalah hukum mah kudu di laporkeun. Mamang geus ngawiwirang saeusi lembur jeung ngawiwirang kulawarga.
Pa Kuwu               : Damai waé atuh man, kop pakaya Mamang keur manéh sagalana keur manéh asal ulah dilaporkeun ka pulisi
Maman                  : Kuring téh pulisi, moal aya kata damai keur kuring mah mang
Dewi                    : Jalma sampurna...runtaah...runtaahh...
Pa Kuwu               : Gandéng satéh runtah ! ieu gara-gara manéh ! dagoan balitungan ti aing !
Tuluy Pa Kuwu jeung Bu Kuwu di téwak di borgol tuluy di giring ka kantor pulisi. sanggeus Pa Kuwu jeung Bu Kuwu di téwak. Kaayaan di lembur mulai di bebener nu jadi kuwuna ayeuna mah Bu Ustad. Lembur téh tingtrim baé gemah ripah lohjinawi. Dewi jeung Maman mulai ngawangun rumah tangga deui ngabebener deui hirupna kalayan sabar jeung tawakal.
Dewi           : Kang..Ayeuna urang sorang kabagjaan duaan nya
Maman         : Muhun sing sabar nya geulis
Dewi           : (Seuri satengah ceurik) runtaahh.... runtaaah..... runtahh...
Maman         : Kunaon nyai ?
Dewi           : Runtah... runtaahhh jalma sampurna...
Dewi ngagubrag tuluy ngajedag
Maman         : Nyi sadar nyi.. Nyaiiiiiiiiiiiii
Dewi tuluy ngagubrag teu sadar tuluy ku Maman di cekel lengeunna geus eweuh denyut nadian deui. Dewi ahirna tilar dunya ninggalkeun Maman salawasna. Maranéhna ahirna paanggang ku kamelang. Dewi lana di ahérat ninggalkeun Maman nu masih kumelendang di alam dunya.
TAMAT









Tidak ada komentar:

Posting Komentar