Rabu, 15 Februari 2017

Monolog "Runtah"




RUNTAH

Ku Ferdina Husdianto

TI KAJAUHAN KATENJO HIJI AWEWE NU KEUR APRUK-APRUKAN DINA TEMPAT RUNTAH SABARI MAMAWA KARUNG BANGUN NU NOROWECO GEGELENDENG

(Ngagerendeng ngomong jeung runtah) Dasar runtah ! Mun lain piduiteun mah runtah jiga manéh téh, geus di duruk da ku aing téh, abong aing lain jalma aya rék dahar gé kudu apruk-aprukan ka tempat sampah kieu.. rék dahar gé hésé aing mah kéhéd. Rék ngajual diri gé hésé, awak geus bobrok kieu mah moal payu kasasaha. Duh aing hirup téh bet asa kateuteuari gening. Gusrak gesruk kana runtah ketrak ketruk kana nu teu gararenah. (Seuri ngabarakatak) hahaha enya uing anjog ka tempat runtah kieu téh da gara-gara salaki uing. Salaki uing nu niggalkeun nu miceun uing demi Nyi Karni rangda béngsrat nu baheulana mojang lembang hahaha teu ngeunteung ka diri sorangan waruga geus bau taneuh ogé bet hayang ka rangda béngsrat dasar salaki orowodol. (Ceurik nineung panineungan) Tapi uing gé inget kenéh uing pernah nyorang kabagjaan jeung manéhna, inget kénéh nalika salaki uing jangji satia ka uing katresna manéhna taya hujungna manéhna bakal salawasna micinta uing nepi ka manéhna ngurebkeun layon uing pon kitu deui uing bakal salawasna mikatresna manéhna nepi ka uing ngurebkeun layon manéhna. (Bangun nu ambek) Euh nanaonan uing bet nineung manéhna ningeung nu sulaya kana jangjina. Uing bisa keneh hirup sanajan eweuh manéhna, lalaki atah adol jiga kitu mah teu kudu diceungceurikan. Najan enya uing ayeuna hirup susah sagala sadrah. Tapi uing bakal ngabuktikeun ka salaki uing mun uing gé leuwih geulis batan nyi karni. Tungguan balitungan ti uing lalaki atah adol !. (Ngahuleng ngaraga meneng) Tapi uing masih kenéh panasaran naha bet uing dipiceun ka tempat runtah ciga kieu ? boa enya uing téh runtah ? jalma téh geus tara ngalieuk-lieuk acan ka uing. Enya uing téh runtah kitu ? oohhh inget ayeuna mah.... (Ceurik mikamelang manéhna) Enya uing téh runtah gening, pangna salaki uing miceun téh da alatan lampah uing sorangan, lantaran uing geus taya alaeunna. uing teu bisa méré kabagjaan salila nyorang rumah tangga jeung manéhna, uing teu bisa méré katurunan keur manéhna laju salaki uing téh kagémbang ku Nyi Karni rangda béngsrat nu geulisna kawanti-wanti. (Ngomong jeung runtah semu nu bingung) Runtaahhhh...Runtahhh....Tulungan uing runtah ? kudu kumaha uing nyieuhkeun kasedih uing. Uing teu bina ti runtah nu geus taya alaeunna. Kudu kumaha uing ngalakonkeun hirup ? percuma uing ngomong jeung manéh runtah manéh tara ngajawab uing ngomong. Runtah gé geus miceun bengeut ka uing, tuluy saha nu bakal nulungan uing. (ngahuleng sakedapan laju seuseurian) uing téh enya runtah, runtah nu gelo hahaha ngageloan salira kang.. kakanggg uing capé ngagéloan salira... hahaha Nyi Karni awas siah mun panggih jeung uing, ku uing bakaal di anclupkeun kana tong sampah, mun uing panggih jeung salaki uing ku uing bakal di mandian ku runtah-runtah hahaha...Uing gélo leuwih gélo batan nyi karni nu geus ngarebut salaki uing.. awas siah Nyi Karni hahahahaha    

AWEWE NANGTUNG SALILA-LILA NANGTUNG TULUY GUDUBRAG LABUH

Tidak ada komentar:

Posting Komentar