Runtah-runtah
Ku
ferdina husdianto
Di Tepas imah kuwu
kadatangan pajabat pamaréntah
rék nyetorkeun duit subsidi keur pembangunan jeung
kamaslahatan masarakat. Tapi di tepas imah pa kuwu ogé aya Dewi awéwé
gelo ditinggalkeun ku salakina, Dewi keur cicing mulungan runtah.
Pajabat : “Assalamualaikum”
Pa
Kuwu : “Waalaikumsalam. Nyi manga linggih”
Pajabat : “Aduh awis tepang gening kang”
Pa
Kuwu : “Enya Nyi. Beuki geulis campernik waé ah”
Pajabat : “Isin ah ku ibu kuwu ulah kitu kang”
Pa Kuwu :
“Ih teu kedah isin-isin da Nyai mah geulis ayana
matak pikaresepeun”
Pajabat : “Tos ah ulah ngalér ngidul akang téh”
Pa
Kuwu : “Enya atuh. Jadi kumaha nyi subsidi téa téh
?”
Pajabat :
“Enya ieuh subsidi téh aya kanggo désa téh 1 M. Mangga nyangggakeun kang”
Pa Kuwu :
“Alhamdulilah. Cair ogé nya keur kamaslahatan umat téh nya”
Pajabat :
“Muhun kang. Geura paké keur ngabeneran jalan meni geus goréng kitu jalan téh kang”
Pa Kuwu :
“Ishh gampang atuh éta mah. Nyai hoyong persénan alim ti akang ?”
Pajabat :
“Ah teu wantun abdi mah kang bisi kaciduk ku pulisi”
Pa Kuwu :
“Gampang éta mah, Pulisi ayeuna mah bisa di wewelan duit”
Dewi
tikajauhan bari mulungan runtah ngadéngékeun
gunem maranéhna.
Pajabat :
“Ih akang, piraku teuing dipaké teu bener duit umat téh”
Pa Kuwu :
“Keun waé da pajabat nu diluhur ogé kitu ayeuna mah nyi, akang gé kudu ngiluan kitu mun teu kitu mah akang gé moal bisa hirup sedengkeun harga-harga tingtérékél naraék”
Pajabat :
“Enya ogé nya kang”
Pa Kuwu :
“Sumuhun Nyi. Matakan ku akang ieu mending di paké keur kaperluan akang wéh, sareng nyai ogé pasti di béré
asal nyai jempé jeung daék kawin jeung akang nya héhé”
Pajabat :
“Mangga waé, tapi jadi nu kadua mah embung téh teuing kang”
Pa Kuwu :
“Naha alim ka akang nu sampurna kieu Nyi ? keun da
pamajikan akang mah nyi geus téréh bau taneuh bisa di racun ku akang”
Pajabat :
“Ih ari akang sok kamana waé nyarios téh. Alim ah abdi mah. Mun artosna mah hoyong da
kanggo mesér wedak”
Pa Kuwu :
“Yeuh atuh kanggo nyai. Ngan kudu jempénya. Ulah bébéja
kasasaha”
Dewi ngadekeutan sabari mulungan runtah tur dulak délék
ka kuwu jeung pajabat
Pa Kuwu :
“Nyingkir kaditu satéh dewi. Bau runtah téh, mun salaki manéh lain dulur uing mah moal dikukut satéh”
Dewi indit rada ngajauhan tuluy mersihan runtah
Pajabat :
“Saha éta téh kang ?
Pa Kuwu :
“Ah jalma burung éta mah Nyi. Salakina kapiadi akang”
Pajabat :
“Naha bisa aya didieu ? kamana salakina kang ?
Pa Kuwu :
“Keur kaluar kota geus sababaraha taun.ngan manéhna ku akang di siksa nepi ka manéhna poho salakina dimana”
Pajabat :
“Salakina gawé naon kang ?”
Pa Kuwu :
“Intél
nyi”
Pajabat :
“Eleuh siah. Kadé apaleun atuh kang”
Pa Kuwu :
“Moal atuh, mun apaleun gé mana daékkeun nyiduk akang”
Pajabat :
“Aman atuh nya. Sampurna pisan ih. Hirup Akang téh, mun masih ngora mah daék da jadi pamajikan akang. Tapi ayeuna mah tos
kolot ah taya alaeunna”
Pa Kuwu :
“Is kieu-kieu gé masih kuat akang mah nyi. Badé nyobian ?”
Pajabat :
“Sok kamana waé ah akang mah tos ah abdi permios heula nya”
Pa Kuwu :
“Mangga. Kadé dijalanna nya geulis”
Pajabat :
“Muhun kang. Assalamualaikum.
Pajabat
indit naék mobilna. Dewi nu geus indit tatadi ti tepas imah kuwu tuluy leumpang ka sisi
jalan manggih Bu Kuwu keur nagihan arisan jeung nagih setoran tas jeung baju
kabaya ibu-ibu nu nganjuk ka manéhna.
Bu Kuwu :
“Bu Elis. Kumaha tos aya artos téh ? ku abdi tos dipesenkeun da pesenanna. Oh enya
teu acan mayar artos arisan nya ?
Bu Elis :
“Eh enya Bu Kuwu. Pan kamari tos bayar sanés ?
Bu Kuwu :
“Ih iraha nya ? Badé nipu nya ka abdi ?”
Bu Elis :
“Astagfirullah. Naha jol nipu ?”
Bu Kuwu :
“Hih pan teu aya tuh di catetanna téh”
Bu Elis :
“Eh pan ibu teu nyandak catetan harita téh, ibu mah hayang ngabatikeun nya ?”
Bu Kuwu :
“Ih suudzhon gera puguh enya abdi mah kamari ka
pasar ngan asa teu nagih da sanés
jadwalna nagih kamari mah, ayeuna jadwalna gé”
Bu Elis :
“Ya rabb. Teu, kami mah teu daék bayarna gé”
Bu Kuwu :
“Ih ulah kitu. Awon éta téh. Pencemaran nama baik namina téh, bisa-bisa dilaporkeun ka pulisi da ku abi mah”
Bu Elis :
“Pék
Laporkeun da teu salah kami mah”
Bu Kuwu :
“Masing teu salah gé ayeuna mah nu boga kawasa na gé bisa diwewelan duit jadi bakal répéh
tuluy ibu-ibu dipenjara hayoh”
Bu Elis :
“Moal mungkin”
Bu Kuwu :
“Mungkin baé. Tingali berita di tipi atuh, aya nu nini nu
maling samangka gé
dipenjara padahal teu salah nanaon nini-nini téh da samangkana nu manéhna sorangan”
Bu Elis :
“Bener ogé nya. Geus teu baleg nagara téh”
Bu Kuwu :
“Jadi rék bayar moal ? mun moal di penjara keun siah ?”
Bu Elis :
“Tapi ulah dipenjara nya bu. Ieu abdi bayar da”
Dewi tuluy ngadekeutan sabari asruk-asrukan nataan
runtah nu aya didinya.
Bu Kuwu :
(Bari ngitung duit) Nuhun nya ibu sosialita. Eh dewi kaditu bau. nyingkir manéh téh.
Dewi tuluy lalaunan nyingkir ngajauhan deui.
Bu Kuwu :
“Permisi heula nya bu badé nagihan deui.”
Bu Elis :
“Muhun mangga”
Dewi
mah ukur dangkleung lempang teuing kamana mulungan sampah keur di urupkeun ka
tukang runtah sangkan meunang duit keur dahar manéhna.
BABAK II
Di sisi jalan gigireun tempat
pamiceunan runtah Dewi keur ngagerenyem ngomong sorangan mikamelang
kahirupanna. Awéwé stres nu ditinggakeun salakina nu taya béja kamana inditna..
Dewi
: “(Ngagerendeng ngomong jeung runtah) Haruhhhh.
Mun lain piduiteun mah runtah jiga manéh téh geus di duruk da ku aing téh, abong aing lain jalma aya rék dahar gé kudu asruk-asrukan ka Tempat sampah kieu.. rék dahar gé hésé aing mah kéhéd.
Rék ngajual diri gé hésé awak geus bobrok kieu mah moal payu kasasaha.
Jerembul
Ma inung jeung Ceu Aan ngagémbol
balanjaan balik ti pasar bangun nu mikangéwa Dewi nu sok jadi pucuk riributan jeung carogéna.
Ma inung : (Ngadelék geleuh)“An.. tingal tuh si Dewi ciga nu stres”
Ceu Aan :
“Na kumaha kitu Ma ?”
Ma inung : “Tempo tuh kalakuanna beuki dieu mah beuki gélo”
Ceu Aan : “Lain gélo deui Ma, gening enya runtah gé diajak ngawangkong”
Ma inung : “Heeh da runtah jeung runtah mah anteng ngarobrol da
manéhna gé geus jiga
runtah tingal wé
rupa na ogé geus jiga
runtah kitu”
Ceu Aan : “Aya ku anéh nya jalma téh, euh edan salaki kuring kagoda ku awéwé
nu rupana kitu”
Ma inung
: “Enya komo deui
salaki kuring gé
an”
Ceu Aan : “Lain salaki arurang mungkul nu kitu téh Ma, kabéh lalaki di ieu lembur mah kabongroy ku si Dewi mah”
Dewi :
(Ngagidig) “Naon ngobrolkeun
kami ? Teu genah ka kami ?”
Ma Inung :
“Enya kunaon kitu nyi ?”
Dewi :
(Ngagakgak seseurian) “Ari
Ema jeung Aceuk téh
damang ? Ngobrolkeun hirup kami ? Taya deui pagawéan ngurusan hirup batur ?”
Ceu Aan :
“Yeuh. Dewi geura indit ti lembur ieu, manéh mah nyieun rumah tangga batur teu bener. Dasar
runtah manéh mah awéwé
stres satéh !”
Dewi :
(Seseurian) “Saha nu strés téh
Ceu ? kami atau didinya nu nguruskeun hirup batur ? Mikir atuh ah ceu”
Ma Inung :”Yeuh nyi Dewi lainna rék nguruskeun hirup didinya. Ngan kuring jeung ceu
aan téh geus risih ningal salaki sorangan kabongroy ku
didinya. Ari manéh
téh ngahaja nyieun lalaki salembur kabongroy ka manéh ?
Dewi :
“Hih keteuing atuh lain urusan kami éta mah. Da kami mah tara boga niat kitu. Panan
kadeleu lin kami mah sakieu geleuhna katempo ku batur téh ? Strés weh kabéh lalaki di lembur ieu kabongroy ku kami mah haha”
Ceu Aan :
“Manéh
nu strés mah Dewi !”
Ma Inung :
“Heup an. Taya hujungna ngomong jeung si Dewi mah,
mending indit wé
bisi kabawa strés”
Dewi :
“Ke heula.. barina gé cicing didieu ema jeung aceu téh”
Ceu Aan :
“Naha bet kudu cicing didieu ? ieu mah imah manéh lain ?”
Dewi :
“Baruk ieu imah kami ?”
Ceu Aan :
“Enya imah manéh ! Pan runtah manéh téh“
Dewi :
“Aaah..Manéh runtah mah kuya !”
Ceu Aan :
“Ngajak ngésang satéh ?”
Dewi :
“Saha barinagé ngajak nu ngajak ngésang téh ?”
Ma inung :
“Geus an, yeuh wi naon maksud manéh nitah ema jeung aceu cicing didieu ?”
Dewi :
“Ma, tingal tuh runtah téh beuki réa. Tempat runtahna ogé geus teu cukup nampungna gé......”
Ceu Aan :
(Motong) “Terus manéh nitah uing cicing didieu kajang meresihan runtah
?”
Dewi :
“Is dasar goréng haté aceuk mah”
Ma inung :
“Kalem an, ulah gampang émosi jeung jalma strés mah”
Ceu Aan :
“pikaemosieun atuh Ma“
Dewi :
“Dasar awéwé
goréng haté. Yeuh kami mah pangna nitah cicing didieu gé tempo tuh kaayaan lembur ieu pinuh ku sampah
tempat runtah gé
kuat ka pinuh ngaburial. Bau, mun hujan pan nyaho sorangan lin sok banjir”
Ceu Aan :
“Terus naon urusanna jeung uing ?”
Dewi :“Tah kerésék
nu di bawa téh ngké mah jadi runtah lin ?”
Ceu Aan :“Terus ?”
Dewi :“Heeh éta téh runtah aceuk”
Ceu Aan :“Apal uing gé. Anak uing gé apal nyi ieu téh runtah mun geus teu kapaké mah”
Dewi :“Heuh. Sukur ari apal mah”
Ma Inung :“Jadi manéh rék
nitah Ema jeung aceuk didieu téh
kudu kumaha nyi ? manéh
rék méré béja
yén ieu kérésék téh
runtah ?
Dewi :“Enya Ma, rék ngabéjaan wéh éta
kérésék téh
bakal jadi runtah tuluy pangjagaankeun nya tempat runtah bisi aya batur deui nu
mulungan hehe”
Ceu Aan :
“Hanas.. di bandungan nya ceuk uing gé gélo
manéh mah !”
Dewi :“Enya nu gélo mah manéh bet daék ngabandungan kami ngomong haha“
Ma Inung :“Nyi. Ulah ngabaribinan batur jiga kieu. Da Ema
jeung aceuk téh rék masak keur salaki jeung barudak. Naha kudu
ngawangkong jeung manéh
teu puguh ciga kieu. Geura indit kaituh nu gélo, dasar runtah !”
Dewi :(seuri tuluy ceurik) “Enya runtah. kami mah runtah geus teu kapaké ku salaki téh tuluy
dipiceun di ieu lembur. Kami mah hina ceu. Kami
mah awéwé strés ceu.. Tulungan kami ceu..kami kudu kumaha taya pamuntangan kieu”
Ma Inung :“Tuh pan bener gélo”
Ceu Aan :“Ngaran wéh Dewi Asri ari kalakuan teu asri-asri acan”
Dewi :“Naon manéh nyebut ngaran kami ? kami mah keur pura-pura
gélo hahaha (seuri
sabari ceurik) keur akting kami mah”
Ma Inung :“Yeuh dewi naon maksud manéh tatadi ngawangkong nitah kami cicing didieu
téh ?”
Dewi :“Béjakeun
ka kuwu maranéh. Duit subsidi pamaréntah keur désa téh montong dipaké korupsi. Tingal
tempat runtah waé
gé leutik ciga kieu. Jalan garintul jiga kitu geus sabaraha taun can
diaspal deui. Tingal lembur batur lembur gigireun mah kacida rapihna kitu ogé jalmana moal aya nu jiga kami moal aya nu
jiga didinya rapih baresih matak gararenah”
Ceu Aan :“Apal ti mana manéh hah ?
Dukun manéh téh ?”
Dewi :“Apal kami mah sok ngadéngé berita di tipi. Jeung deuih basa harita kami mulung sampah kami
nempo kuwu maranéh
keur ngawangkong subsidi keur désa
tapi ku manéhna di paké makaya diri sorangan. Tempo anakna, tempo
hirupna beuki beunghar wé
pan ? teu jiga kami, kami mah kudu meurih hirup téh”
Ma Inung :“Nya ari kitu nyatana mah. Ké ku
ema di béjakeun ka kuwu. Tapi mun manéh
salah manéh bisa di
penjara nyi. Geus nuduh kuwu nu teu
puguh”.
Dewi :“Sing daék ka béntar gelap kami mah Ma !”
Ceu Aan :“Ulah kitu satéh mun salah téh géhéng satéh”
Dewi :“Kajeun Géhéng kami mah daripada mamala datang keur saréréa gara-gara kuwu bejad jiga kitu mah”
Ma inung :“Geus Ema jeung Aceu rék indit nya”
Dewi :“Ulah keun kami nu rék indit mah
haha”
Ceu Aan :“Dasar gélo”
Akang
kamana akang téh
akaaaang Dewi indi bari gogorowokan ngageroan salakina nu
taya béjana kamana jeung dimana.
Ma Inung :
“Tapi aya bener ogé omongan si Dewi téh nya An”
Ceu Aan :
“Bener ogé sih Ma, soalna kuwu téh beuki beunghar sedengkeun lembur beuki teu kaciri
pembangunanna téh.
Mun hujan sok caah, tempat runtah pimatakeunana téh nya, jalan ogé geus rusak pisan nya ?”
Ma inung :
“Bener baé jigana korupsi kuwu téh”,
Ceu Aan :
“Mending dijugjug ka imah kuwu Ma, urang tanyakeun
mun perlu mah demo sakalian”
Ma inung :
“Tapi urang teu gélo pan ngadéngé
omongan si Dewi ?”
Ceu Aan :
“Hanteu atuh Ma. Warugana nu gélo mah mereun Ma, haté jeung pikiranna mah henteu”
Ma inung :
“yap atuh indit ka si Kuwu tolohéor”
Di
Tepas imah Bu ustad, Bu Ustad keur sasapu tur beberesih naker sabari humariring
solawatan. Tuluy Bu Elis keur Emosi naker hayang nyamperkeun Bu Kuwu..
Bu
Ustad : “Sholatullah salamulloh ala toha rosulillah......”
Bu
Elis : (Ngagidig leumpang) “Dasar kuwu orowodol”
Bu
Ustad : “Astagfirulloh aya naon ieu téh ?”
Bu
Elis : “Kami di tipu ku Bu Kuwu”
Bu
Ustad : “Kela-kela kumaha perkarana ieu téh”
Jerembul
Ma Inung jeung Ceu Aan
Ceu
Aan : “Kuwu ontohod”
Ma
Inung : “Kuwu latén korupsi”
Bu
Ustad : “Heh istigfar aya naon deui ieu téh”
Ma
Inung : “Si Kuwu korupsi Bu”
Bu Ustad :“Pék
nyarita heula ulah goréng
sangka kitu ka Pa Kuwu téh”
Ceu
Aan : “Ih Bu Ustad gé anték-anték Pa Kuwu nya ?”
Bu Ustad : “Ya Allah.. henteu ieu aya naon sabenerna pék balaka heula ulah ngagugu
nafsu teuing”
Bu Elis :
“Kieu Bu Ustad, kami téh geus mayar arisan jeung cicilan tapi ceuk Bu
Kuwu téh acan, manéhna malah nitah kudu mayar deui padahal kami
geus mayar kamarina mun teu mayar kami rék dipenjarakeun”
Bu Ustad :
“Aya buktina teu mun geus mayar ?”
Bu Elis :
“Aya ieu aya catetanna nu abdi bu”
Bu Ustad :
“Bener éta téh ?”
Bu Elis :
“Bener Bu Ustad abdi mah teu singna badé ngabohong”
Bu Ustad :
“Terus ceu aan jeung ma inung kunaon hayang demo ka
Kuwu ?”
Ceu Aan :
“Yeuh Bu ustad, katempo pan mun hujan sok banjir ?
katempo pan jalan geus goréng
? katempo pan tempat runtah gé
geus sagédé gunung ?”
Bu Ustad :
“Enya terus kunaon atuh ceu ?”
Ma inung :
“Bu Ustad, Ieu lembur téh kuduna mah rapi gararenah tapi buktina malah
kieu kaayaanna, geus harénghéng kuduna mah kuwu téh menerkeun
sagala rupina di ieu lembur”
Bu Ustad :
“Pan mereunan can aya dana na”.
Ceu Aaan :
“Aya dana subsidina Bu Ustad. Tuh pan Pa kuwu jeung
Bu kuwu malah beuki beunghar”
Bu Ustad :
“Ulah sirikan ka jalma téh nyai,
pan Pa Kuwu téh boga
usaha sorangan matak beunghar téh. Saur saha tos aya dana téh ?”
Ma Inung :
“Usaha korupsi Bu Ustad. Ceuk si Dewi manéhna ningalikeun Pa kuwu nyelip duit subsidi
keur desa”
Bu Ustad :
“Astagfirullah. Pan si Dewi téh jalma teu waras naha bet didéngékeun”
Ceu Aan :
“Enya da jalma burung ngan pasti bener Bu Ustad si
Dewi saksina”
Bu Ustad :
“Tos ayeuna mah tenang heula mun tos kuat buktina
mah urang hayu ka imahna Pa Kuwu urang tanyakeun kumaha perkara nu saenyana nya”
Ma
Inung, Ceu Aan, Bu Elis, di pingpin ku Bu Ustad leumpang ngagidig nyamperkeun
ka imah Pa Kuwu. Di jalan panggih jeung si Dewi nu keur anteng mayeng ngobrol
jeung runtah.
Dewi :
“Runtah...Runtaah...Runtaaah...Ngomong atuhhh...
Runtah hahahaha jalma jalma sampurna jeung runtah-runtah...”
Bu Ustad :
“Dewi...Kadieu heula bageur”
Dewi :
“Embung”
Bu Ustad :
“Dewi kunaon ?”
Dewi :
“Henteu”
Bu Ustad :
“Ngiring yuk ka bumina Pa Kuwu”
Dewi :
“Embuuuung”
Bu Ustad :
“Hayu bageur.. Dewi apal pan perkara Pa Kuwu sareng
Bu Kuwu ?
Dewi :
“Apal... haha... si jalma sampurna hahaha”
Bu Ustad :
“Yuk ngiring kaditu yap”
Dewi :
“Embung... kami keur ngadagoan salaki kami nu indit
ka....”
Ceu Aan :
“Ka mana satéh hah salaki manéh mah paéh”
Dewi :
“Hah ? Paéh “
Ceu Aan :
“Heeuh”
Dewi :
(Ceurik) “salaki kami paéh...? teu mungkin”
Bu Ustad :
“Aan keun ulah kitu”
Dewi :
“Mantog kaditu ! salaki kami mah aya kénéh !”
Tuluy
Ma Inung, Ceu Aan, Bu Edoh, Bu Elis, jeung Bu Ustad indit teu nolih ka si Dewi
da bisi ngamuk kumaha onam
Babak
III
Di
tempat runtah, Dewi tetep anteng mayeng ceurik ngaberik nyengceurikan salakina
nu can jol kénéh waé. Teu
pati lila datang salakina nu geus ti luar kota.
Dewi :(Ceurik)”Akaaang..runtaah..akaaang..runtaaaah”
Maman : “Nyai..”
Dewi : “Saha manéh ?”
Maman : “Ieu kuring salaki Nyai”
Dewi : “Bohong”
Maman : “Teu bohong, ieu akang nyi”
Dewi : “Gélo
manéh hah ? salaki kami mah geus paéh”
Maman : “Ceuk saha akang tos maot nyi ?”
Dewi : “Ceuk runtah..runtahh..”
Maman : “Nyai.. deudeuh teuing salira kalah jadi kieu
ditinggalkeun téh”
Dewi : “Salaki kami mah jangji moal ninggalkeun ! manéh lain salaki kami !”
Maman : “Akang pan nitipkeun nyai ka Pa Kuwu nu jadi lanceuk
akang nyi”
Dewi : “runtahh..jalma sampurna...runtaahhh..”
Maman : “Saha jalma sampurna téh nyi ?”
Dewi : “Kuwu hahah”
Maman :
“Enya nyi akang balik téh da badé nyiduk kuwu da aya nu ngalaporkeun manéhna korupsi”
Dewi :
“Enyaaa...hahaha...”
Maman :
“Ieu akang nyi. Salaki nyai.. nyai inget teu foto
ieu..”
Dewi :
“éta foto kami jeung kang Maman, naha aya di manéh ?”
Maman :
“Ieu kang Maman nyi. Ieu kami salaki salira nyi.”
Dewi
tuluy inget sababaraha taun katukang manéhna dititipkeun ka Pa Kuwu ku Salakina da
Salakina rék indit
tugas heula jadi intel di luar kota.
Dewi :
“Kakaaaang”
Maman :
“Nyai”
Dewi :
“Kakang sakitu lawasna urang paanggang”
Maman :
“Nyai. Sakitu lawasna urang papisah”
Dewi :
“Kami capé kang, ulah ninggalkeun deui, kami capé jadi nu gélo ngagéloan salira,
ngagéloan kahirupan”
Maman :
“Enya nyi. Hampura akang geus ninggalkeun salira. Da
ieu gé keur salira nyi.”
Dewi :
“Tapi kumaha nasibna si Kuwu ayeuna kakang ?”
Maman :
“Ayeuna ku akang baris di penjarakeun”
Teu
lila duanana nyamperkeun ka imah Kuwu nu didinya ogé kaparengkeun keur rarécok ibu-ibu nungtut kuwu indit jeung turun
jabatan.
Ceu Aan :
“Geura mantog kuwu !”
Bu Elis :
“Gura lungsur jabatan kuwu !”
Bu Ustad :
“lailahailallah.. ulah kitu sing sabar”
Ceu Aan :
“Geus lain sabar deui ayeuna mah bu ustad !”
Pa Kuwu jeung Bu Kuwu kaluar imahna nyamperkeun nu
rarécok.
Pa Kuwu :
“Aya naon ieu téh ?”
Bu Ustad :
“Aya béja cenah dana subsidi kanggo desa téh tos aya nya pa Kuwu ?”
Pa Kuwu :
“Ih nyanyahoanan. Teu acan Bu ustad”
Ceu Aan :
“Wadul satéh”
Pa Kuwu :
“Serius Bu da teu acan”
Jerembul pajabat nu méré duit subsidi
Pajabat :
“Bohong. Ku abdi tos di pasihkeun sababaraha poé katukang”
Pa Kuwu :
“Gandéng nyai
pan geus dibéré persenan”
Pajabat :
“Teu kudu. Tah lebok duit persenan”
Pajabat kaluar ti imah pa kuwu.
Bu Ustad :
“Tah gening kanyahoan Pa Kuwu !”
Pa Kuwu :
“Tos mending damai waé ayeuna mah
!”
Ma Inung :
“Teu..eweuh kata damai keur kamaslahatan jalma loba
mah !”
Bu Elis :
“Tah Bu kuwu catetan bayaran kami. Hayoh siah moal
bisa nampik”
Bu Kuwu cicing baé nyumput tukengeun Pa Kuwu bangun nu sieuneun.
Bu Ustad :
“Pa kuwu sareng Bu kuwu nu ku simkuring dipihormat,
gening tos teu amanah mingpin ieu lembur téh”
Bu Elis :
“Bener satéh. Éra ku kopéah satéh.”
Ceu Aan :
“Hayang diduruk ku kami imah manéh hah ?”
Ma Inung :
“Pa Kuwu geura indit ku kami rék di pidanakeun ka pulisi”
Geus
beuki panas di tepas imah Pa Kuwu, jerembul datang Maman jeung Dewi.
Maman :
“Heh ki lanceuk ! Kuwu Bejad !”
Pa Kuwu :
“Alhamdulialha aya ki adi tulungan mamang atuh Man”
Maman :
“Rék
ménta tulung satéh ? salila kuring indit manéh geus nyiksa pamajikan kuring ! geus teu balég kalah jadi latén korupsi
Kuring mah teu nyangka lanceuk sorangan bet kieu kaayaanna!”
Pa Kuwu :
“Lain kahoyong Mamang da yi, hampura Mamang yi !”
Maman :
“Geus ulah loba ceta kalayan aya surat penangkapan
Mamang ku kuring di téwak.
Ke jelaskeunna di pengadilan. Maman jeung pamajikan
Mamang beunang pasal berlapis”
Pa Kuwu :
“Ampun man..hampuraa man..”
Maman :
“Najan enya duduluran urang duaan. Ari masalah hukum
mah kudu di laporkeun. Mamang geus ngawiwirang saeusi lembur jeung ngawiwirang
kulawarga”.
Pa Kuwu :
“Damai waé atuh man, kop pakaya Mamang keur manéh sagalana
keur manéh asal ulah dilaporkeun ka pulisi”
Maman :
“Kuring téh pulisi, moal aya kata damai keur kuring mah
mang”
Dewi :
“Jalma sampurna...runtaah...runtaahh...”
Pa Kuwu :
“Gandéng satéh runtah ! ieu gara-gara manéh
! dagoan balitungan ti aing !”
Tuluy
Pa Kuwu jeung Bu Kuwu di téwak
di borgol tuluy di giring ka kantor pulisi. sanggeus Pa
Kuwu jeung Bu Kuwu di téwak.
Kaayaan di lembur mulai di bebener nu jadi kuwuna
ayeuna mah Bu Ustad. Lembur téh
tingtrim baé gemah
ripah lohjinawi. Dewi jeung
Maman mulai ngawangun rumah tangga deui ngabebener deui hirupna kalayan sabar
jeung tawakal.
Dewi : “Kang..Ayeuna urang sorang kabagjaan duaan nya”
Maman : “Muhun sing sabar nya geulis”
Dewi : (Seuri satengah ceurik) “runtaahh.... runtaaah..... runtahh...”
Maman
: “Kunaon nyai ?”
Dewi : “Runtah... runtaahhh jalma sampurna...”
Dewi
ngagubrag tuluy ngajedag
Maman : “Nyi sadar nyi.. Nyaiiiiiiiiiiiii”
Dewi
tuluy ngagubrag teu sadar tuluy ku Maman di cekel lengeunna geus eweuh denyut
nadian deui. Dewi ahirna tilar dunya ninggalkeun Maman salawasna. Maranéhna ahirna
paanggang ku kamelang. Dewi lana di ahérat ninggalkeun Maman nu masih kumelendang di
alam dunya.
TAMAT